Sunday 20 April 2008

Tukang Mbe..

hiji waktu aya tukang kambing anu janggotan jiga kambing dagang kambing di pasar kambing. kambing anu didagangkeun teh ngan dua, nuhiji warna hideunh, hijina deui warna bodas..geus rada lila nungguan, datang hiji pelanggan erek meuli kambing..

Pelanggan : kang, dagang kambing?
tkng kambing : henteu cep, dagang hitut.. nya kambing atuh, si encep teh kumaha!!
Pelanggan : Sabarahaan hijina kang?
Tkng kambing : Nu mana cep,, nu hideung atawa nu bodas??
PElanggan : Nu hideung..
Tkng kambing : Nu hideung mah 300 rebu..
Pelanggan : Ari nu bodas??
Tkng kambing : sarua 300 rebu oge..
Pelanggan : eeh heureui si akang mah.. Ari eta teh parabna naon??
Tkng kambing : Nu mana cep? nu hideung atawa nu bodas?
Pelanggan : Nu hideung..
Tkng kambing : nu hideung mah diparaban jukut cep!!
Pelanggan : Ari nu bodas??
Tkng kambing : sarua jukut oge.. maenyamah dibere nyere atuh..
Pelanggan : (mmh goblok pisan tukang mbe teh),, Ari ieu kambing teh sok diolahragakeun teu??
Tkng kambing : nu mana nu hideung atow nu bodas?
Pelanggan : NU HIDEUNG!!
Tkng kambing : nu hideung mah sok diajak jalan-jalan 2 kilo sapoe
PElanggan : ARI NU BODAS?!?!
TKng kambing : Sarua nu bodas ge sok diajak jalan-jalan 2 kilo sapoe, da babarengan jalan jalana ge..
Pelanggan : Wah, ieu mah ngajak ngesang,, kumaha si akang teh, ari jawabanna sarua mah ulah dibeda-beda atuh.. nu bodas jeung nu hideung ge keneh-keneh kehed.
Tkng kambing : hheeh lain kitu cep! ari nu hideung mah nu urang..
Pelanggan : Ari nu bodas ??
Tkng kambing : sarua nu aing-aing keneh..
Pelanggan : Goblok siah... hiaaaaatttt!!!!

bwt yang udah tau ceritanya,, paksain ketawa aja y.thx

No comments:

Post a Comment

No rude words and racism ok!!!!!